Johan : Keur naon Pi,
sorangan wae ?
Yopi : Eh Johan, keur
ngadaweung wé, puguh karek balik ti sakola.
Johan : Yopi, tadi di sakola
urang diajar sisindiran, resep . . . téh.
Yopi : Sisindiran téh nu
kumaha téa?
Johan : Na teu apal kitu ?
Yopi : Nyaéta henteu matak
nanyakeun gé. Cing béjaan nu kumaha
sisindiran téh?
Kang Wawan : Keur naraon mani uplek kitu sigana
téh?
Yopi : Eh Akang, ieu si
Johan, cenah rék sisindiran. Cing kumaha Han,
Johan : Kieu geura, Lain bangban lain pacing, lain Kananga
kuduna, lain
babad lain tanding, lain
kadinya kuduna.
Yopi : Naon maksudna éta
téh?
Johan : Tah, anu itu téh
sisindiran!
Yopi : Heueuh nyaho tapi
naon hartina?
Johan : Lain harti meureun
tapi eusi. Eusina nu ditanyakeun téh?
Yopi : Enya . . . eusina,
naon cenah?
Kang Wawan : Yeuh, apan éta gé geus aya eusina.
Tah eusina téh lain babad lain
tanding, lain ka
dinya kuduna. Ari haying jelas mah éta
sisindiran maksudna sangkan jalma kudu ngukur kana diri, ngukur kamampuh
dirina, boh harta kakayaan boh pangabisa.Hartina éta jalma ulah maksakeun
manéh, mikahayang anu teu mungkin bias laksana.
Yopi : Oh . . . , kitu.
Kaharti ari kitu mah. Jadi maksudna mapatahan.
Na saha anu dipapatahanana, naha ngartieun kira-kirana?
Kang Wawan : Lain mapatahan tapi ngingetan. Nya
kumaha jalmana. Ari
jalmana seukeut mikir mah, tangtu bakal langsung surti.
Éta sisindiran téh di antarana waé bisa dipaké keur jajaka atawa wanoja anu
keur kabungbuleungan. Jajaka kabungbuleungan ku hiji wanoja, nya wanoja
kabungbuleungan ku hiji jajaka, Sok ayeuna lamun Yopi bogoh ka béntang pilem
anu geulis kawanti-wanti, imahna gedong sigrong, sarta hartana ngalayah,
meureun Johan gé ngoméntaran. Koméntarna
téh bisa dina wangun sisindiran, nya saperti éta, lain bangban lain pacing, lain kananga kuduna, lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
Yopi : Tah . . . , kaharti
ari kitu mah. Alus geuning nya. Tapi Kang,
kira kirana naon pijawabeunana mun aya nu nyarita make
sisindiran siga kitu?
Kang Wawan : Naon nya. . . ? Cing Johan sugan
apal, kudu kumaha
ngajawabna?
Johan : Nu kieu geuning
Kang, eu . . . , sapanjang jalan soréang,
moal
weléh diaspalan,
sapanjang tacan kasorang, moal weléh diakalan.
Yopi : Naon maksudna?
Johan : Na . . . ku teu
ngarti kénéh waé. Maksudna sanajan sakumaha
héséna ogé meunangkeun béntang pilem, tah . . . si éta
lalakibakal usaha satékah polah ngakalan sangkan maksudna
laksana. Apan eusina gé sapanjang tacan kasorang, moal weléh
diakalan.
Yopi : Naha bet nyebut-nyebut sapanjang jalan soréang,moal weléh
diaspalan. Naon hubunganana jeung sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan?
Johan : Nya kitu wé, geus ti
dituna. Teuing kuring gé teu nyaho nepi
ka lebah dinya mah. Sugan Kang Wawan?
Kang Wawan : Mémang euweuh hubunganana. Dina ayana
ogé ngan sawates
hubungan cangkang
jeung eusi anu ngudag guru lagu jeung guru wilangan. Ari dina sisindiran mah geus matok antara cangkang
jeung eusi téh, sanajan antara cangkang jeung eusi na teu ngandung hubungan
ma’na, tapi ngandung hubungab katangtuan patokan, nyaéta patokan sisindiran. Tah
éta sisindiran téh disebutna rarakitan. Sarat dina rarakitan mah kudu ragem bagian
awalna, geura perhatikeun sapanjang
jalan soréang, éta téh cangkangna; sapanjang
tacan kasorang, éta téh eusina. Sarua kecap nu diawalna, nyaéta sapanjang. Tuluy moal weléh diaspalan,
éta téh cangkangna; moal weléh diakalan, éta téh eusina.Sarua kecap nu
diawalna, nyaéta kecap moal.Kaharti kira-kirana?
Yopi : Oh . . . kitu! Jadi
éta téh disebutna rarakitan.Cing, Johan aya
deui nu séjén, kuring jadi panasaran yeuh!
Johan : Loba euy contona
mah, ngan paroho deui. Sakainget kuring
mah, sajaba rarakitan
téh aya nu disebut paparikan jeung
wawangsalan. Paparikan mah méh sarua
jeung rarakitan,
ngan béda hareupna, kecap-kecap di bagian hareupna teu
sarua. Lamun wawangsalan mah méh siga tatarucingan, kudu
diteguh wangsal jeung
eusina. Kitu sigana mah, nya Kang
Wan?
Kang Wawan : Bener, geuning apal?
Johan : Apan tadi diajar di
sakola. Malah mah aya tugas kudu nyieun
sisindiran nu séjén.
Kang Wawan : Geus meunang?
Johan : Nyaéta acan. Cikan
Yopi, lain geus ngarti?
Yopi : Ari ilaing, nyaho
gé karak ayeuna kuring mah. Tapi kétang,
ké . . . ké . . . , benerkeun mun salah nya!
Johan : Enya, sok nu kumaha?
Yopi : Naék sado ka leuwi panjang . . .
Johan : Naon tuluyna?
Yopi : Jalanna, jalanna,
jalanna. Oh enya . . . jalanna
abrug-abrugan . . .
Johan : Naon eusina, da éta
mah kakara cangkangna?
Yopi : Ké heula atuh, rék
mikir heula!
Kang Wawan : Sok tuluykeun, tinggal néangan
eusina.
Yopi : Ké heula, Kang . . .
, jadi panasan kuring mah yeuh.
Kang Wawan : Kudu sarua guru wilanganana, mun
bisa mah dalapan engang!
Yopi : Naon guru wilangan
téh?
Kang Wawan : Guru wilangan téh jumlah engang
unggal padalisan. Naon tadi
téh, na-ék-sa-do
ka leu-wi-pan-jang. Kabéhna salapan engang. Tah éta mah leuwih saeungang.
Yopi : Jadi kudu dikurangan
saengang nya. Diganti ku naon nya?
Johan : Kumaha mun kieu,
ngalanto ka leuwi panjang.
Yopi : Bener euy, ngalanto
. . . , nga-lan-to ka leu-wi pan-jang.
Pas dalapan engang. Ja-lan-na
a-brug a-brug-an. Sarua deuih
dalapan. Tah ayeuna tinggal eusina nya.
Bagian manéh Johan
eusina mah!
Johan : Kumaha mun kieu,
ngalobrol . . . ngalobrol . . . ngalobrol teu
kudu panjang. Heueuh bener ngalobrol teu kudu panjang.
Naha
jadi kana ngalobrol nya?
Kang Wawan : Keun baé, sok sakapanggihna wé
heula. Éta gé geus alus, sarua
pan urang ogé keur ngawangkong ieu téh. Cing tuluykeun!
Johan : Asa kaingetan, méméh
dituluykeun, kumaha mun ngalobrol
diganti ku kecap ngawangkong, rada ngeunah
nyebutkeunana!
Kang Wawan : Jadi ngawangkong teu kudu lila,kitu
. . .? ngeunah
nyebutkeunana geuning, bisa lah . . . , merenah pisan éta mah.
Cing Yopi kumaha tuluyna?
Yopi : Kieu tuluyna mah
yeuh . . ., lapar . . . lapar . . .
Johan : Naha . . . kalah
kana lapartuluyna téh. Abong rewog di dinya
mah?
Yopi : Apan ceuk Kang Wawan
gé asal kapanggih heula. Nya
sakapanggih-panggih kuring wé atuh. Sugan nyambung
laparjeung ngawangkong. Ké heula . . . tong diganggu, lapar . . .
lapar . . . heueuh, lapar geus . . . kukurubukan. Enya lapar
geus kukurubukan. Éta gé dalapan engang, Kang. Geura urang
itung, la-par geus ku-ku-ru-bu-kan. Bener euy dalapan engang!
Kang Wawan : Tah ayeuna urang gabungkeun
cangkang jeung eusina!
Yopi : Ku kuring Kang, ngalanto ka leuwi panjang, jalanna
abrug-abrugan,
ngawangkong . . . ngawangkong tadi téh nya Kang, ngawangkong teu kudu panjang, lapar geus
kukurubukan. Pas pisan sisindiran téh, kuring gé geus lapar yeuh. Teu
karasa ngawangkong mah nya. Jam sabaraha ieu. Ih geus jam opat!
Kang Wawan : Geus sore geuning, yu ah . . .
akang mulang heula.
Johan : Mangga Kang. Yopi .
. . , yu ah.
Yopi : Nagalanto ka leuwi panjang
Jalanna
abrug-abrugan
Ngawangkong te kudu
panjang
Lapar geus
kukkurubukan
Kandaga Kecap
Ngalanto, nyémah; datang
Ngadaweung, ngalamun
Bangban, tutuwuhan leuweung; kawiwirangan
Pacing, tutuwuhan sabangsa honjé
Kawanti-wanti, pisan
Engang, guru wilangan unggal padalisan dina pupuh
Ngawangkong, ngobrol
Hatur nuhun ka :
Buku GENTRA BASA, Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA
Komentar