Assalamu’aikum wr.wb.
Hadirin
anu sami-sami linggih,
Kersaning
gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghokdina
ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur-langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu
dipimaksadd. Amin
Ngadegna
sim kuring dina dangeut ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh,
taya sanés seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.
Kitu
oge bari jeung digédéng ku kendang gedé pakauman, dag-dig-dug rasaning ati,
rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang-étang lauk
buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna
taya pulunganeunnana.
Nanging
sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar
téma ieu biantara anu unina “ngaronjatkeun Kareueus Nonoman kana Basa Sunda”.
Hadirin
nu dipihormat,
Saparantos
sim kuring maluruh sababara sumber anu jadi rujukan. Sihoréng geuning, anu utama
pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran téh,
taya sanés kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikan ka jati ka
silih ku junta – mupusti budaya asing bari te maliré budaya urang sorangan. Anu
antukna cul dog-dog tinggal igel. Adéan ku kuda beureum – ngarasa reueus ku
banda meunang nginjem.
Sanés
hartosna nonoman Sunda ulah maliré kana budaya deungeun, nanging asa langking
payus saupami weruh kana budaya deungeun téh disarengan ku ngaraksa-ngariksa
budaya sorangan. Utamana kana basa Sunda anu jadi cicirén bangsa.
Naha
basa Sunda cicirén bangsa? Rupina basa téh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku
salahsahiji suku bangsa. Kitu ogé bakal disebut sékésélér Sunda saupama
disarengan ku aya basana.
Asa
palangsiang, saupama dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu
naros, ti mana, dijawab téh : “ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab
téh : “ti Jawa Barat”. Batur téh nanya deui : “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring
diajar?” … Pisakumahaeun erana saupama
urang keur di mancanagara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda, …
tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun
Basa Sunda saleresna mah sanés kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah
diwanohkan ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku basa Sunda. Basa
Sunda salaku basa indung bakal leuwih
nyerepka diri nonoman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi
ti éta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu
aya dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36,Bab XV. Éta téh sanés mung ukur
kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daérah nu aya disaantéro Nusantara perlu
dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung
ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti éta nonoman téh tos
kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin,
salajengna, generasi muda anu mikacinta akana basa Sunda sami sareng ku sakumna
jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satung kebing langit ieu, sanés
ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Manga uningaan
Q.S. Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : Jeung diantara tanda-tanda
kakawasaanNa nyaéta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung
warna kulit. Saéstuna tina hal éta téh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda
pikeun jalma-jalma anu marikanyaho.
Tah
gening, ana kitu mah basa Sunda ogé kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha
Suci. Atuh mupusti basa Sunda ogé tiasa kalebet kana padamelan ibadah. Kitu ogé
upami jalmana aruningaeun alias marikanyaho téa.
Pasualan
utama anu kedah kawaler dina ieu téma biantara téh, nyaéta kumaha sangkan
generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal
anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, éra,
atanapi géngsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna,
konci utama paara nonoman/generasi muda mikacinta ana basa Sunda, diantawisna
ulah éraan. Ulah éra ngagunakeun basa Sunda atawa ulah géngsi cacarita ku basa
Sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang u
cacarita papada ngarti kana basa Sunda.
Hadirin,
ulah sieun disebut urang kampong bau lisung pédah nyarita ku basa Sunda, malah
kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumulé budaya karuhun.
Ulah
sagala embung, nanging kudu sagala daék nyaéta kudu daék aub dina kagiatan
kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring klintang
katajina ku tarékah Bapa Adang S. anu mingpin acara Caraka Sundanologi di
televisi. Éta ogé kalebet tarékah ngirut karep nonoman ngagunakeun basa
Sundana.
Kieu
ogé sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku
Dispudbar Jawa Barat, éta mangrupi salah sawios tarékah ngaronjatkeun kacinta
kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa
kana basana.
Tarékah
sanésna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi
kagiatan anu nimbulkan kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos
pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu
sanésna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun
buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu
ogé studio radio di tatar Sunda, ditarékahan sangkan aya waktu husus dina acara
siaran anu ngagunakeun basa Sunda salalku basa panganteurna.
Hadirin
anu sami-sami linggih, éta mah sakadar cita-cta simkuring. Da ahirna mah
diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna
amh urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumulé – ngaraksa sareng
ngariksa basa katut basa Sunda.
Manawi bahan katampi, hapunteun … sanés bade
ngabéjaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meuri. Ieu mah mungguhing
kajurung ku idéntitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun
baé mah ngiring nyumbang saran.
Amit
mungkur. Hapunteun sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah – sumarambah
kana manah – sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur – jembar
sihaksamina.
Wassalamu’alaikum
wr.wb.
Kandaga Kecap
Diantawisna,
lemesna tina di antarana
Diperedih,
dipiharep pisan; dipéntaan tulung
Diwangsulkeun,
dipulangkeun; dibalikeun deui
Karuhun,
jalma – jalma nu kungsi aya saheulaeun urang
Mamaos,
lemesna tina tembang
Mancanagara,
luar nagri
Ngamumulé,
ngurus; miara enya–enya
Ngaronjatkeun,
ningkatkeun
Ngawanohkeun,
ngawawuhkeun; ngenalkeun
Palangsiang,
boa–boa
Pasampangan,
tempat anu te tangtu
Patepung
lawung paamprok jonghok, ngariung
Reueus,
ngarasa agul
sasieureun
sabeunyeureun, saeutik-saeutikeun
sékésélér,
turunan
tarékah,
usaha
taya pulunganeunana, euweuh mangpaatna keur
jalma séjén
tembang,
basa dangdingan make aturan pupuh
sihaksami,
pangampura
paheuyeuk-heuyeuk
leungeun, silihbantuan; gawé babarengan
nonoman,
pamuda
mikareueus,
ngarasa bagja leuwih ti batur
hirup
kumbuh, kahirupan sapopoé
sakumna,
sakabéh
nyangkaruk,
netep
karuk,
kembang jambu batu
mupusti,
nyimpen barang dihadé-hadé dina tempat anu istiméwa
nembang,
ngalagu nurutkeun aturan pupuh
kataji,
katarik hate
sageuy,
piraku; maenya
pasanggiri,
perlombaan
cindekna,
kasimpulanana
manawi,
sugan; susuganan
mungguhing,
tina hal, lantaran
amit
mungkur, seja mungkur; pamitan
lumur,
gelas paranti nginum
jabung,
ngaran sarupa pepelakan sok dilalab
sabda,
sasauran; nyarita
kumapalang;
kamapalang, kapalang tanggung
sanggem,
ceuk, lemesna tina sanggup
mijah;
pijah, motah; teu daék cicing
catur,
omongan; carita; caritaan
Hatur nuhun ka :
Buku GENTRA BASA, Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA
Hatur nuhun ka :
Buku GENTRA BASA, Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA
Komentar