Video mengajar bahasa Inggris tentang PREPOSITION
Assalamu’aikum wr.wb. Hadirin anu sami-sami linggih, Kersaning gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghokdina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur-langsar kalayan tiasa kahontal sagala anu dipimaksadd. Amin Ngadegna sim kuring dina dangeut ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanés seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung digédéng ku kendang gedé pakauman, dag-dig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang-étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunnana.
Komentar